Gaul
Gaul mah jeung saha wae
Tong mandang kasta, jabatan,
kubasa ayeuna cenah sesuai makomna.
hei diri..anjeun bade kaluhur, tengah jeung kahandap heug wae
asal bisa mawa diri ulah sakaba-kaba jeung kabawakeun
mun bisa mawakeun kahadean jeung kabeneran
dina raraga saling ngingetan.
ulah loba gaya, angguranmah lobakeun aksi.
pamingpin diri nusajati minuhanana ku ka imananan, kajujuran jeung nepati satiap jangji.
jangji kasaha,,, nya tangtos ka ALLOH jeung RosulNA.
angge sifat Sidiqna, ngarah bisa Tablegh kasiar saalam Dunya,
Tos kitu kedah Amanah dina ngajalankeun dina mangpirang pesan jeung kalakuan.
Nu Terakhir Patonah nyaeta ngarah cerdas milaku lampah.
Tangtosna Sifat STAP ieu teh kudu dilakonan ku sungguh-sungguh, tarapti jeung ati-ati!
dina gaul urang bogalakon, pohara pisan ujian, halangan sinareng rintanganana.
ngan cing inget muntang! atuh muntangna kasaha?
nya atuh pasti tiada lain tiada bukan Ka ALLOH jeung RosulNA.
Pokona ALLOH Heula, ALLOH Deui jeung ALLOH Terus.
Cag ah diri, anjeun gaul teh sing jadi amalan kasholehan kangge
Pibekeuleun jaga di akherat.
jadi Bagja di Dunya kumaha diri jeung Bagja di akherat kumaha mawa diri sangkan meunangkeun RidhoNA ALLOH SWT, Aamiin YRA.