Tampilkan postingan dengan label #ekonomi #wasiat #budak #bagjadunyaakheratsurga #dunyaburuakheratpaju. Tampilkan semua postingan
Tampilkan postingan dengan label #ekonomi #wasiat #budak #bagjadunyaakheratsurga #dunyaburuakheratpaju. Tampilkan semua postingan

Kamis, 03 Maret 2022

"Wasiat ka budak lain saukur ekonomi wungkul"

Jang Neng Anaking Regepkeun!!

Ulah menta Tulung ka Batur Atawa Dulur Nu beunghar, Nu Miskin atawa nuditengah-tengah.

Ninggali maneh, babaturan atau dulurna nususah siganateh atoh ngekeak, jarang anu ngarojong.

Komo ujang Jeung Nengna loba harewos Bojong Jeung loba ngomong siganateh dianggap ngabohong.

Padahal nujalujurmah Tara baong, Tara ngandelkeun inohong, jeung kahadeana Oge Tara bolong.

Sok Jang, Neng.. Anaking
Ka Alloh Weh Wungkul hyng materi penta! hayang non materi tinggal Ngadoa!
Pokona hayang nanaon, Omat Ka Alloh wungkul ulah kasalian eta nya!!

Jaga boga pamajikan Atawa salaki sing bisa nudipercaya, silih ingetan Dina jalan kabeneran Jeung silih wasiatan Dina kasabaran.

Jeung kolot Kade sing Hade!
Ulah pundung Jeung papayaan nya!

Hiji deui Jang, Neng.. Anaking Omat kudu mere kapercantenan ka Jalmi anu bisa dipercaya.

Pilih2 meunang Ngan Sagala sesuatu Oge pasti Aya ukuran, Dina naon ngukurna.

Hiji bisi Tina omongan nubisa dipercaya, Kadua teu ingkar janji, Katilu kalakuan sesuai bukti anu sesuai Jeung kaidah etika, budaya Jeung aturan nuberlaku.

Sakitu heula Jang, Neng Anaking nudipikacinta Jeung pikanyaah. Papap teu mere materi anu loba atawa non materi anu pohara.

Nupenting ieu bisa dijadikan bekel Sangkan manfaat Dunya Jeung Akherat.

Cag Ah.

#wasiatkolot
#bagjadunyaakheratsurga
#dunyaburuakheratpaju